Silsilah Imam-Imam Syiah
Add comment June 15, 2007
AngkotTeu di Bandung teu diTasik, teu di Garut boa ketang di Batam mah beda…. eta kalakuan kenek angkot dimana wae lamun jojorowokan nawarkeun jurusan angkotna atawa nanyakeun nu erek turun atawa eureun ka panumpang sakapeungmah matak piambeukeun, pikabingungeun anu kakara tapi lamun geus apal mah sok hayang seuri, geura reungeukeun :di Bandung : “Gede….. Panjang……Gede…..Panjang……!!”
kade…lain keur promosi obat taeun nu ayeuna keur meuweuh atawa promosi sabangsa ma erot, tapi nawarkeun rute angkot jurusan Gedebage Leuwi panjang….!
“Aceh……Merdeka……Aceh…….Merdeka……!!” jojorowokan sataker kebek najan hareupeun tangtara atawa pulisi oge moal nepi ka di tewek da di Bandung mah geus arapaleun lamun kenek eta nawarkeun angkot jurusan Cicaheum Kebon kalapa ngan rutena ngaliwatan jalan merdeka jeung jalan aceh
“Binatang…..ada turun…..? ibu……bapa…..binatang……!” tong waka ambek disebut kitu teh, si kenek nanyakeun bisi aya nu turun di kebon binatang di jalan taman sari anu kaliwatan ku angkot
Eta di Tasik mah kieu jorowok na teh “sila…….sila…..hiji deui…!!” lamun seug ninggang ka jalma nu anyar ulin ka Tasik mah bakal ho’okeun ngadeng jorowok kenek anu ngagantung na lawang panto, rek teu kitu kumaha atuh….sakitu katingali metetna bet anu dijero oge diaradu tu’ur ari jojorowokan sila……sila…hiji deui…….?
padahal manehna teh nawarkeun jurusan ka pancasila
Ari di Garut mah karunya ka anu ngarana DANA, kade nya bisi aya baraya anu ngarana dana tong waka ambek jeung kasigeung lamun ngadenge jorowok kenek angkot “DANA EGANG….DANA EGANG……….” eta teh lain moyokan dana pedah leumpangna egang tapi nawarkeun angkot jurusan Sukadana-Sukaregang Naek angkot di Bandung deui: Jorowok kenek ngajorowok…..Supratman… jrut turun panumpang lalaki tengah tuwuh..
Jorowok deui….Raja mantri….jrut Mang Jamal turun…
Rengganis…..jrut Neng Nia turun Teuku Umar….jrut deui lalaki turun… Na ari celengkeung teh….urang batak ngajorowok… “aku Rajagukguk tak dipanggil-panggil jadi bila awak turun bah! “
Basa Inggris
Bu Lia teh guru basa Inggris anu katelah the killer ceuk barudak mah. Barudak awewe mah biasana balageur, beda jeung barudak lalaki nu borokokok. Unggal bade rengse palajaran, anjeuna sok ngetest murid muridna.
Poe kahiji: Ayeuna ibu rek ngetest maraneh ihwal irregular verb, anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula ! “, saur ibu guru Lia.
“Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti kantor ! “, si ibu teh ngancem.
“Fitha, sok se! butkeun contohna irregular verb !”, ibu guru Lia naros. “Bring - brought - brought, hartosna nyandak” “Alus….
Cikan Yogi ! Tong heureuy bae !”, si Yogi katelah tukang heureuy. “Dag
- dig - dug, hartosna abdi teu acan ngadamel PR”. “Nangtung dihareup !
Dadan ! “Brang - breng - brong, hartosna emak ngambek di dapur alatan teu gaduh beas” “Nangtung dihareup! Dikdik ! “Begang - begeng - begung, hartosna siga awak Datuk Maringgih ” “Nangtung dihareup! Yusuf ! “Dar - der - dor, hartosna perang di Irak jeung Palestina”.
“Nangtung dihareup! Mahmud ! “Pak - pik - pek, hartosna abdi beberes di bumi “. “Bohong maneh mah tara beberes .Nangtung dihareup! Endang !
“Blag - blig - blug, hartosna si Atun diajar leumpang “. “Nangtung dihareup! Nandang ! “Brak - brik - brek, hartosna awut-awutan.
“Nangtung dihareup! Naddy! “Plak - plek - plok, hartosna bararahe”.
“Masingna ase rehe at! uh! Nangtung dihareup! Epul ! “Cas - cis - cus , hartosna nyarioskeun batur “. “Nangtung dihareup! Kabeh baralegug!
Doddy ! ” Si Doddy teh budak nu geumpeuran, titatadi geus ngahodhod sieuneun ditanya. Ayeuna ditanya pisan ku bu Lia. Bakating ku geumpeur, ari seduuut …. teh hitut “Brat - bret - brot nyah!?, saur ibu Lia mayunan : ” Kaluar kabeh! “, ibu Lia bendu.
2 comments June 13, 2007
Sayudi
Gunung Karikil
Cibiuk dina suku
satapak jalan ka puncak
ambuing, netekna ngigelan karep
Pangeumbing eurih garing
Srangéngé morérét haté
Kutan katiga, panutan
Henteu lantis ku cimata
Saléngkah nanjeur kabetah
Sarénghap beurat kaseunggah
Euleuh lewangna …
Di tukang umur ngajungkrang
Mipir gawir
Mumunggang anu kasorang
Biheung datang
Ka anu ditéang
Batuna sarwa kulawu
Tapi mun puncak katincak
Déét temen nu kakobét
Gunung puntang
Mo burung keuna panangtang
Bongan hirup, panutan
Teu wéléh nguntup
Chyé Rétty Isnéndés
ADUH MANUK
Geura eunteup dina haneutna keukeup
Haturkeun pangwilujeng unggal enjing
Kapan soanten anjeun imut nu ngagalindeng
Cirebon, 20.09.99
ADUH WENGI
Taya bulan wungkul kiceup bentang ngaheureuyan
hate mah tinggaleun dina horison tanpa wangen
Cirebon, 22.09.99
ADUH CIREBON
I
Lawang saketeng mapagkeun ku kakangen
Duh ieu ati milari imutna wali
II
Angin palabuan nyambuang seungit
pamayang. Bentrakna kembang beurang
teu kungsi ngelebuhkeun harepan
III
Gupay-gupay tangkal buah ngahiap
misono letah. Mending ngala hurang
nu luncat ka hate urang.
Cirebon, 23.09.99
ADUH ISUK
Dayang Sumbi ngebetkeun raragna
Sumirat sorot socana haneut nyaliara
najan wegah neuteup deudeuh dina
rasa indung beurang.
Cirebon, 24.09.99
Juniarso Ridwan
DI BASISIR RANCA BUAYA
angin geus manjangkeun walungan,
nepakeun hujan ka sakur dangdaunan,
lebah muhara ngadon nyangsaya na lengkob,
magar ditundung ku bulan nu pundung,
bongan peuting ngahaja dipurak,
poekna mancawura ditandean ku letah lambak,
keur mapaes laut nu pinuh sasalad,
ditandaan ku sesemplekan bentang.
basisir ngan bati rungsing,
batu-batu geus lawas ngarasula,
sumawonna pasir geus ilang pipir.
nyampak karang neundeun kahanjelu,
saniskara lauk meh pada nyingkah,
nu ngambang ngan kaleng butut jeung sandal plastik,
diselang hate pamayang nu hapa.
2001.
MURU PEUTING
teuing ku sono kana wayah nu ngolebat,
jajantung meh bitu pinuh ku hawa nu motah,
pijalaneun teu diitung tarahalna,
hayang geura ngaguar impian.
buruan kawas geus lila teu katincak,
tatangkalan pasolengkrah,
cucuk meh rungseb unggal usik,
tulak panto masih keneh naplok.
aya saha di jero imah?
gerendengna nepi kana ceuli,
tapi da sidik taya sasaha.
na lebah golodog aya jirim nu mo bireuk,
ringkangna napel na lelembutan:
“rek naon mantog?”
2002.
————————————————————-
Galura:
EDDY D. ISKANDAR
LEUNGITEUN
Kuring leungiteun leuweung
nu ngembat na implengan
kuring leungiteun sagara
nu ngancik na rasa
Taya keur mipir-mipir
taya keur mapay-mapay
mayakpak waruga rangsak
ukur rambisak
PAMADEGAN
Hareupeun nampeu topeng-topeng
nu mengparkeun lengkah
kuring dikenyang ka pakalangan
ngajak ngigelan kasenang
Saha nu bisa mungpang
meruhkeun kahayang
mun hate katalimbeng
kalebuh na talaga dunya
Reup peureum
mantengkeun pangbalikan
najan ukur kakalicesan
aya keneh lawang saketeng
nu nyaangan lalampahan
ka nagri jatiwalagri
NU KATALANGSARA
Ilang rasa
taya cimata sakeclak
kasedih kapeurih
palid ka sagara amarah
Taya tempat nyiruruk
kabeh diburak-barik
taya nu nyesa
Ukur jerit
parat ka tungtung langit
nilar kaketir
Suda tanaga
taya tangan pangawasa
taya nu mirosea
Ka mana kudu ngalengkah
ka mana jalan sorangeun
rek mulang mulang ka saha
rek balik balik ka mendi
Taya bihari
taya kiwari
URANG TEU WELEH NYAKSIAN
Urang teu weleh nyaksian
kayakinan nu leungiteun tangtungan
iman nu leungiteun adegan
ibadah nu leungiteun akidah
barudak leungiteun tapak
Loba nu mupusti bulan
leungiteun hakekat suci
ramadhan lir kalangenan
bedana ukur pakean buni
jeung boboleklakan
ganti tangtungan
saheulaanan
Loba nu kabengbat ku pangirut
teu weleh tumut kana kahayang
nu boga lalakon
lantaran nya ti dinya
ngocorna cikahirupan
Tapi sakur nu bisa maca jaga
bakal tumaninah dina ibadah
langgeng napak na bulan suci
SUNDA
Ka ditu ka Pajajaran
ka bihari Siliwangi
menekung na patilasan
nu nganteng dina wangwangan
Nyukcruk karuhun
nyaliksik wiwitan
mageuhkeun kareueus
nu nyampak
bet lagu kapati-pati
Bandung 2003
—————————————————————————
Sajak-sajak Cucu Nurjaman
robahna dunya teu saperti abad nu ngajaul
lalaki di sagigireun pati teu weleh ngukuntit
bahaya nu rek diciptakeun ku anjeun sorangan.
tangtu palastra lamun kahirupan memang nyutat
yen diri kudu geura-geura mulang ka alak paul
pramudita. hirup memang muter jang. di lalaki
atawa awewe nu ngantet cukang irung di cai.
laju naon anu rek diharepkeun ti diri kuring.
ah sigana mah antara aya jeung peteng. basi na
kecap lain basi na napsu eta lalampahan hirup
pabeasan, 12 agustus 2001
sabab titiktitik rancage
loba jalma anu sirik kaasup kuring jeung si ki
sirik ku pangabisa pangaweruh anu lega. anting
oge milu murag waktu nyieun kuburan nu nyunda.
bari nungguan warisan sajak si ujang ukur bisa
seuri kana pergaulanana anu siga semar nu sono
ka cipacing nu balatak ku sora gilang ngoconan
nu rek ngahujankeun buku-buku nu ngalumburukan
daun-daun bayem dina panci anu geus siga pisan
munara monas anu ceuk risnandar mah kaajaiban.
pabeasan, 11 februari 2001
sabab ajip rancage
sabab ajip rancage jadi aki sering nyuni dinu
buni. Sabab ajip rancage aki ageung ku kaisin
henteu ngarti aksara jeung nulis ku basa para
manusa. aki lain babi pedah henteu ngarti anu
asing kayaning sundanesse literature oge lain
anjing lamun tuna kana francais. ukur inggis.
hayangna sagede gunung hanjakal can kungsi di
patepungkeun ku wanci di bandung bari mantun.
sabab aki mah ghaib saperti seungitna — malati
pabeasan, september 2001
aya anu hayang siga
dina luhur beusi kapireng aya anu keur nyetel
kaset anu teu kapake ku antimo jeung pel kabe
sabab sorana halimpu saperti majalah humor di
luhureun meja redaksi. mamah mamah ari kuring
siga ajip rosidi atawa henteu. ninun caritana
mundinglaya caritana jante arkidam caritanana
anu mangpuluh-puluh carita dina mangrebu-rebu
keretas. henteu siah. mani ngerakeun ka mamah
geura paehan. kedah kumaha mamah. kuring siga
pabeasan, septesmber 2001
————————————————————————-
Sajak-sajak Zahir Zachri
Parahyangan Kiwari
Parahyangan nu endah,
Panonoban para hyang,
Tungturunan para bujangga,
Nu lungsur ti kahyangan,
Lalayaran di Leuwi Sipatahunan,
Napak kancang narimbang rasa,
Rasa cinta jeung kanyaah,
Rumaksa reujeung ngariksa,
Sarakan, sempalan endah sawarga.
Parahyangan nu asri,
Panonoban para apsari,
Tungturunan para pohaci,
Nu lungsur ti kahyangan,
Icikibung siram di cikahuripan,
Mesuh diri mersihkeun pikir,
Nitiskeun deudeuh jeung asih,
Galeuh tatali paranti,
Miasih lemah pangbalikan diri.
Hanjakal, Silib teh leungiteun harti,
Hanjakal, Siloka teu timu rasa,
Dikamanakeun Gusti, dongeng sore pamarende sare,
Geuning simpe geus ilang tina lalambe,
Dikamanakeun Gusti, tali paranti birahi nu pasti,
Geuning ilang leungiteun pamali,
Ampun Gusti
Bongan teu dituturkeun ku harti, teu diudag ku pangarti.
Parahyangan kiwari,
Ilang dangiang bihari,
Siliwangi kasilih wawangi,
Pakujajar geus muguran,
Paku Sarakan kiwari geus ngarangrangan,
Parahyangan salin rupa,
Ilang tempat pangabetah,
Jati kasilih ku junti,
Da bongan Ki Sunda geus leungiteun ajen diri.
Zet/lembang/03/02
Kuring Leungiteun
Leungiteun, kuring leungiteun
Dikamanakeun, ieuh, dikamanakeun
Panon leungit paningalna
Ceuli ilang pangrunguna
Diri dikadali napsu
Leungiteun, kuring leungiteun
Dikamanakeun, ieuh, dikamanakeun
Rasa leungiteun rumasa
Pikir kaleungitan harti
Udar tina temah wadi
Tali paranti nu pasti
Gusti,
Rumasa diri geus cidra
Ngaranjah alam nu asri, kagungan Gusti,
Qur’an Hadis anu pasti, teu jadi tali paranti
Ampun, Gusti, ampun.
Leungiteun, kuring leungiteun
Dikumahakeun, ieuh, dikumahakeun
Rumasa diri kalangsu
Milaku hirup ku napsu
Nyiar hurip teu ku harti
Kiwari kuring leungiteun
Zet/lembang/3/2002
Sajadah
Lamun alam geus leungiteun pangabetah
Bumi leungiteun tempat nu tumaninah
Kahirupan ngan ukur ninggalan runtah
Tanda,
Manusa leungiteun ahlakulkarimah
Laku lampah misalah tina ibadah
Leuweung larangan kiwari ngan kari ngaran
Leungit, genclang herangna cikahuripan
Hejo ngemploh pagunungan ngarangrangan
Leungit dangiang tingtrim alam padesan
Tanda
Jatining hirup ilang tina kahirupan
Mangsa hujan di beh girang, hilir kaseredan banjir banding
Lambak sagara umpalan, laut motah basisir bala ku runtah
Cai umpalan ngarakrak taya rasrasan, ngaruksak sagala nu kaliwatan
Leungeun ranggah roroesan, nu palid kokoleaban
Na Mangsa halodo panjang, hirup karasa beuki bayeungyang
Lemah gahgar caina saat paragat, kahirupan hanteu menyat
Bongan rasa salah milampah,
Bongan pikir salah miharti
Tetekon nu Maha Suci, qur’an hadis teu jadi tali paranti
Kiwari,
Mangsana diri sumerah
Ngamparkeun sajadah nu munasabah
Sajadah panjang saleganing laku-lampah
Mundut pitukung Allah nu Maha Murah
Gusti, mugi tempatkeun usik malik diri abdi dina ibadah
Zet/lembang/3/2002
Tawaf
Labaik allahuma labaik,
Gusti,
Abdi dongkap nyumponan gupay salira
Nedunan panggero pikir jeung rasa
Serah diri nyanggakeun karumasaan
Abdi awor na ulekan manusa
Galeuh museur gumulung ngiblat Kabah
Sabeulit Ihram diri sumerah
Labaik allahuma labaik,
Gusti,
Abdi teu werat neda ampunan dosa
Teu kebat meredih neneda pamrih
Sanaos Anjeun maha welas tur asih
Ukur cimata murag saparat lengkah
Katuna diri sagara karumasaan
Mudal sapanjang milampah Tawaf
Lembang/Zet/03-02
Antara Kuring jeung Anjeun
Antara kuring jeung Anjeun, nu majar anggang tanpa wangenan
Pamohalan rek kahontal, najan ranggah balilihan
Tapi naha, geuning kaliwat mun kuring ised salengkah.
Antara kuring jeung Anjeun, nu majar kaliwat mun dijeungkalan
Tapi naha teu katepi, ku jerit sora panggero
Sora anu paling jero kalah simpe taya pangwaro.
Gusti,
Kudu kumaha nyinglar kasepi, nyingraykeun lalangse simpe
Sono ka diri geuning teu tepi-tepi
————————————————————————-
Mangle:
Ditampi ping: 19-03-04/02:56:13
Satutas Halodo Panjang
Basa anjeun lumantung di buruan
Kuring ngahaja nyumput di pangkeng
Lain teu hayang mantuan mipit kembang malati
Nu mangkak ligar satutas halodo panjang
Ukur ngelol ge na jandela nu melenge,
Kuring teu wasa…
Bongan kalimpudan ku galindeng Maskumambang
(Melania, Pebruari 2003)
Shinta
Bari nyidem kakangen ti kaanggangan
Najan enya nyiksa, horeng Shinta ngundeur kagandrung
Bari nyanghunjar dina kikisik nu ngampar bodas
Anteng neuteup lambak di Pananjung
Nu guligah ka darmaga
Naha ieu palabuhan pangjugjugan kalbu
Nu caina canembrang herang siga di taman sawarga
Rama ukur ngalengkah tungkul,
Bari ngamalirkeun kanyaah nu patulayah dina ati
Ngabalayarkeun rusiah nu dipentangkeun ku itungan Nu Kawasa
Bandung, Maret 2003
nNur Asrianti
—————————————————————
Ditampi ping: 07-03-04/22:55:09
Sajak Opat Wilet
mun turun tina angkot memeh parapatan ijan
[ngincid ngetan muru pengkoln dewi sartika
ngudag bemo sukajadi muru antri di stasion]
: lengkah ngoleang siga buah dadap nu peuray?
alun-alun ngajual saluhureun zona rehab
masjid agung mungkur kana kamari ieu
da blok dalem kaum + aa jadi pasar
pasolengkrah matak megah ngimeutan duriat betah
saha nu ninggalkeun si mana atawa mana
ninggalkeun pun saha? alam + mahlukna
dibuntel ku waktos dicombo fatamorgana
rungah-ringeuh mangga lilir. “singhoreng teh,” pokna
naha hate nogencang basa nyegat angkot kebon kalapa?
26/3.2002
Kangsreng
nyingkab simbut ibun di cibatu
kareta langsam luhureun viaduct
entog haroshos dina batin: “kuring mulang!”
numpak angkot ka soreang narah jalan nu
diaspalan: naha gedong deui gedong deui,
ti iraha patani nandur semen jeung moe beton?
kolecer kari seahna. nguliweng jeroning pikir
kanyaah kari waasna. molongpong jeroning ati
—mangsa panto diketrokan naha tatangga anu moro?
26/3.2002
Candi Lancah
hayang ngenyang kanteh waktos
siga lancah nganyam sayang
gordeng ipis antara hurip jeung perlaya
anteng jeroning pikir, anteng dipepende
hiliwir angin. tumaninah siga kanteh nu
diselepkeun jarum hate kana kabaya sutra
leupas tina rungsing pikir, leupas tina
kingkilaban zaman. nyangsaya dina
kongkolak siga si utun jeroning gua gabra
11/4.2002
Lagu Ki Mas Tanu
heula mana: cahaya panon poe,
kalangkang, atawa si awaking?
belegug kun nyiptakeun kelewung
langit fayakun, na simpe-petengna
: rundag-randeg ngimeutan si saha tea
naon nu nyesa na lolongkrang cahaya
jeung karandang kalangkang -pok-Na
basa awak karancang + merekplek jadi awu
ucang-ucangan dina dahan quldi, tumaninah
jeroning ayang-ayang gung goongna rame
11/4.2002 [MANGLE 1953]
Beni Setia
Add comment June 13, 2007
| “Ja’fari, mazhab resmi Islam kelima” | ![]() |
![]() |
| Oleh: Administrator | |
| 07/05/2007 - 12:10 | |
Bicaranya lugas khas kiai pesantren. Namun data dan istilah yang rancak terselip dalam kalimat-kalimatnya menunjukkan bahwa dia bukan sekadar kiai pesantren biasa, melainkan juga intelektual yang mengenyam pendidikan tinggi dan mempunyai pergaulan yang luas. Kyai Said, demikian sapaan akrab DR. KH. Said Aqiel Siradj.Ditemui SYI’AR di ruangannya di kantor PBNU, ulama asal Palimanan, Cirebon, ini cerita banyak tentang kunjungannya ke Qatar, sikapnya tentang kerukunan antar-mazhab, kultur Syiah dalam NU dan penjabarannya tentang kondisi umat Islam Indonesia. Berikutkutipannya: more…….. |
Add comment June 13, 2007
RESENSI BUKU
Oleh: Muhammad Anis Maulachela
Judul : Sunnah-Syiah Bergandengan Tangan: Mungkinkah?
Penulis : Dr. M. Quraish Shihab
Penerbit : Lentera Hati
Cetakan : Pertama, Maret 2007
Halaman : 303 + ix
Bulan lalu (3-4 April 2007), menjadi tuan rumah sebuah event internasional bertajuk Konferensi Ulama Sunni-Syiah. Konferensi yang berlangsung di Istana
Bogor ini diprakarsai oleh NU, serta didukung oleh Muhammadiyah dan pemerintah. Sebagaimana tercermin dalam pernyataan Hasyim Muzadi dan Dien Syamsuddin tentang pentingnya menggagalkan upaya musuh dalam memecah-belah Muslimin, konferensi ini diharapkan mampu menghasilkan piagam persatuan umat Islam.
2 comments June 12, 2007
Ali bin Abi Thalib, Pendiri Mazhab Cinta
- KH. Jalaluddin Rakhmat –
|
S |
atu-satunya manusia yang dilahirkan di bawah naungan Ka’bah adalah Ali bin Abi Thalib. Ketika ibunya, Fathimah binti Asad, dalam keadaan hamil tua, ia thawaf mengelilingi Ka’bah. Pada saat itulah, datang tanda-tanda bahwa ia akan segera melahirkan. Abu Thalib lalu membawanya masuk ke dalam Ka’bah dan di tempat itulah Ali bin Abi Thalib lahir.
Menurut satu riwayat, ibunya meminta agar anak yang baru lahir itu diberi nama Haidar, yang berarti singa. Kakek dari arah ibunya bernama Asad, yang juga berarti singa. Tetapi Abu Thalib berkata, “Kita tunggu saja sampai Rasulullah saw datang.” Masih menurut riwayat ini, Ali kecil tidak mau menyusu kepada ibunya sebelum Rasulullah saw datang. Ketika Rasulullah saw tiba, ia mengecup Ali dan Ali pun mengecup Nabi. Rasulullah saw menamainya ‘Ali yang berarti orang yang memiliki ketinggian. ‘Ali adalah salah satu nama Tuhan. Misalnya dalam ayat, “Wa lâ ya’udduhû hifzhuhumâ wa huwal ‘aliyul ‘azhîm.” (QS. Al-Baqarah 255). Sama halnya dengan nama Muhammad, yang juga merupakan nama Tuhan, seperti dalam hadits Qudsi, “Ana Mahmud, wa anta Muhammad. Aku Tuhan adalah Yang Terpuji dan engkau juga adalah yang terpuji,”
Add comment June 11, 2007
KANG JALAL : KONFLIK SUNNI-SYIAH DI IRAK DISEBABKAN KEHADIRAN AS
Wawancara dengan : Ahmad Nurcholish/Syirah
Siang itu, langit
Jakarta terasa sangat menyengat. Tak hanya itu, kepulan asap kendaraan bermotor yang memadati lalu lintas
Jakarta semakin melengkapi kesemrawutan
kota metropolitan ini.
Namun, suasana itu hilang saat memasuki Pusat Studi Islam Paramadina di bilangan Pondok Indah Jakarta Selatan. Dr. Jalaluddin Rakhmat, M.Sc. sedang menyampaikan kuliah di depan mahasiswa Paramadina. Uraiannya yang tandas dengan basis pengetahuan yang luas membuat mahasiswa fokus mendengar ceramahnya.
Jalaluddin dikenal sebagai pakar komunikasi, pemuka agama dan pimpinan Jemaah Ahlul Bait. Ia lebih akrab disapa Kang Jalal. Sejumlah buku telah lahir dari tangannya. Di antaranya adalah Islam Aktual (Mizan Pustaka), Meraih Cinta Ilahi (Remaja Rosda Karya), Madrasah Ruhaniah (Mizan Pustaka), dan Memaknai Kematian (IIMAN).
Ketokohan dan pemikirannya dapat disejajarkan dengan almarhum Cak Nur dan Gus Dur. Bahkan, penulis buku Islam dan Pluralisme: Akhlaq Qur’an Menyikapi Perbedaan ini juga memantik kecaman dari kubu yang bersebrangan dengan gagasan-gagasannya.
Adian Husaini misalnya, dalam situs Hidayatullah.com, ia mengatakan: “Jalaluddin Rakhmat, memanipulasi ayat untuk mendukung gagasan Pluralisme Agama. Cara seperti ini sama saja dengan “menjual minyak babi bercap onta”,” kata anggota MUI ini.
Namun, pria yang lahir di
Bandung , 29 Agustus 1949 ini tetap konsisten dengan keyakinan yang dipahaminya. Termasuk soal nikah mut’ah dan poligami. Baginya kedua hal tersebut dihalalkan oleh ajaran agama yang tidak seorang pun boleh mengharamkannya.
Usai mengajar di PSI Paramadina, Kamis (3/5) lalu ia langsung menuju mess IJABI di Jl. Puri Mutiara II/39 Jakarta Selatan untuk berbincang dengan Syir’ah.
Ditemani sepiring tempe goreng, sepiring tahu goreng, sepiring kacang atom, dan sepiring rempeyek kacang, kepada kontributor Syir’ah Ahmad Nurcholish, Kang Jalal berbicara panjang lebar seputar pertemuan Sunni-Syiah Istana Bogor awal April lalu, tentang Nikah Mut’ah yang sudah disalahgunakan, juga soal poligami yang belakangan ramai diperdebatkan. 6 orang pengurus IJABI turut pula menemani perbincangan akrab dan hangat siang itu. Berikut petikannya:
Add comment June 11, 2007
2 comments June 11, 2007